Minggu, 03 April 2011

Pangimpian

Pangimpian.

Carpon : M. Arsya.

Wanci lohor Jang Udin geus ngagoler tengah imah, ngadon nangkarak neuteup bilik lalangit nu marolongo, sawareh ditambalan ku kardus jeung urut kalender, ngalamun dibarengan ku radio nu ngagembrung nyiarkeun lagu dangdut.

" Geus opat taun " jero hatena ngagerentes.

Manehna rumahuh, opat taun bubuara ninggalkeun lemburna ayeuna ngadon katalangsara, komo ayeuna geus dua bulan euweuh pacabakan, pabrik tinun tempatna gawe cenah mah rek bangkrut, loba pagawe nu dieureunkeun.

"Engke oge bakal aya pagawean deui sing sabar wae nya ."

Sing sabar, sabar jeung sabar, kitu manajer boga pabrik ngabeberah ka manehna.

Nya naon deui nu kudu dilakukeun keur buruh pantar manehna mah lian ti sabar. Najan hirup beuki ngalongkewang, baturna geus loba nu dieureunkeun, katambah harga kabutuhan sapopoe beuki nerekel, saha nu teu aral. Udin jadi inget ka sobat-sobatna nu dumuk di saung-saung tina terpal warna-warni, pagegeye sisi walungan peuntaseun tembok pabrik, loba pisan buruh nu caricing didinya, teu kudu ngontrak, sawareh bari daragang, cenah mah moal lila deui bakal dibalongkar, diubrak-abrik ku Kamtib, ngaganggu kaendahan, gareuleuh, majar teh kamiskinan dipamerkeun, nu rek digusur mah jigana geus sadrah nunggu papasten.

* * *

" Diiin, keur naon euy ... tengah poe geus ngagojod abong keneh pangangguran"

Ngadenge nu ngagorowok Jang Udin ngorejat hudang tuluy mukakeun panto.

" Aeh geuning Kang Mumuh, kumaha aya beja ti pabrik ."

Mumuh teh batur salemburna nu ngasupkeun manehna gawe di pabrik.

" Isuk atawa pageto cenah putusannana, ...". Mumuh asup ka jero tuluy ngagoledag dina samak bangun nu lalungse, sawatara Udin ninyuh cikopi, teu kungsi lila sor disuguhkeun dibarung ku goreng sampeu haneut keneh. Ngambeu cikopi Mumuh ngorejat hudang. " Boga rejeki timana Din nyuguhan mani royal kieu ... ". Udin teu ngajawab ngadon nyerengeh bari mesek roko nu weuteuh keneh. " Jisamsu deuih ... mun unggal poe kieu teh Din ... moal jangar teuing meureun sirah teh". Mumuh tuluy ngaregot cikopi, serebung udud bangun nu nikmat naker. " Meunang rejeki timana Din ..." manehna nanya deui panasaran. "Ladang ngajual sapedah Kang ...lumayan keur numbu-numbu udud mah.".ceuk Udin bari seuri maur. "Nya sing tawekal wae Din, sabar da hujan oge aya raatna, hirup teh moal susah wae meureun ...". Mumuh tuluy mamatahan Jang Udin supaya tahan dina kaayaan nganggur, malah cenah untung keneh Udin mah can rumahtangga, jadi teu pusing teuing jiga batur sejenna nu geus baroga anak pamajikan, Udin ngaregepkeun papatah ti Mumuh teh, manehna teu nyangka Kang Mumuh nu dina kaayaan walurat kieu dak dumadak jadi wijaksana, apal sorangan manehna mah lamun keur boga duit Kang Mumuh mah sakitu awuntahna, sagala karesep dipaju, sagala diaya-aya.

Teu aneh batur-baturna mah kadieunakeun ngalandih Kang Mumuh teh jadi Kang Ustad, da lamun ngawangkong teu weleh make dalil wae, jiga ayeuna geus aya dua jamna ngabahas pangalamannana mangsa sangsara apruk-aprukkan neangan gawe ari ku tawekal mah cenah teu burung meunang gawe najan di pabrik oge.

* * *

Isukna rebun-rebun keneh Ceu Eha pamajikan Kang Mumuh bari ngais budakna geus keketrok ka imah Jang Udin, bari rambisak nginjeum duit saongkoseun keur balik ka lemburna, teu tahan cenah cicing di dieu mah, harta banda mimiti ngorotan dijualan.

Harita di imah Jang Udin aya Pa Sugih batur sapagaweannana nu sarua dieureunkeun gawe.

" Sing sabar wae atuh Ceu, enjing pageto oge Kang Mumuh mah didamel deui." Jang Udin ngupahan. "Aral Euceu mah Jang, boga salaki teh teu sadar wae, sakitu dina kaayaan walurat, kudu sagala nyampak wae, hutang mah geus raweuy ka ditu kadieu, ari dipenta duit ngadon malik mamatahan jiga tukang tableg sagala dalil dikaluarkeun, kudu sabar kudu tawekal ... ari ngaresikoan hanteu "

Jang Udin ngahuleng sajongjongan mah, " Ari ayeuna Kang Mumuhna kamana Ceu?"

"Teuing atuh da ti mangkukna oge teu balik-balik, cenah mah sare di pabrik milu demo jeung pagawe nu di PHK ti heula ... ari Ujang lamun di PHK rek terus kamana."

" Nya meureun balik wae heula ka lembur, sagawe-gawe." Ceuk Jang Udin bari song mikeun lima puuh rebu ka pamajikan Kang Mumuh.

“ Hampura Ceu ngan bisa sakieu, ... teu dileuwihan.” Jang Udin tamada.

“ Sakieu oge nuhun, asa ditonjok congcot Euceu mah, geus ti kamari hayang balik teh ngan ngadagoan Akangna teu embol-embol ...kasebelan pisan.” , ceuk Ceu Eha bari ngasupkeun duit kana kantongna.

" Lamun panggih jeung si Akang bejakeun, Euceu mah ka lembur kituh ... tong waka nyusul lamun can boga bekel mah ...nuhun nya Jang .". Ceu Eha bangun nu rurusuhan.

“Dasar lain milik ...” Pa Sugih ngarahuh. “ Na kuma kitu Pa “ Jang Udin ngareret ka Pa Sugih. “Enya Jang satadina Bapa kadieu teh rek nginjeum heula duit, sugan aya saratus rebu wae mah, keur mayar sewa imah, geus tilu bulan nunggak ...”.

“ Kuring geus pasrah ayeuna mah Pa, duit tinggal lima puluh rebu deui isuk pageto euweuh beja mah pasti jadi balik ke lembur teh.”. Pa Sugih katempo bingung. “Gustii ... beresan wae dunya teh ari kieu mah ... dililakeun oge ngadon loba nu beuki ripuh jalma teh “ Pa Sugih aral bari nepakkan tarangna nu mimiti butak. “ Aeh sok aral kitu si Bapa mah, sugan isuk geto aya milik atuh ...aya jurig numpak motor.” Jang Udin ngaheheh, Pa Sugih milu seuri maur. “ Heueuh sugan jeung sugan Jang ... “.

* * *

Geus dua poe Jang Udin asa nyeri beuheung sosonggeteun ngadagoan Kang Mumuh mawa beja, ari rek disusul asa hoream, tiheula oge indit ka pabrik ngadon tinggarimbung teu puguh, mending pasrah bae nunggu waktu. Kapok sabenerna mah pipilueun demo teh, meh saban minggu ting alabring, geus kaditu-kadieu ngajorag mah ka nu boga pabrik, ka Depnaker, ka DPR, euweuh hasil, lian ti ngadengekeun nu orasi piligenti, ngadongengkeun kasusah hirup, sawareh ngancam rek leuwih rosa ngayakeun demo, sawareh usul mogok dahar bari tinggaloler dina trotoar. Jang Udin ngarasa beak dengkak, jaba duit beuki ngaipisan, pikiranna kalah muser hayang geura balik ka lemburna lamun kaayaan kieu terus.

Teu karasa waktu beuki nyerelek kasorenakeun, Kang Mumuh can embol-embol, jebul teh jam sapuluh peuting, gegedor, mawa beja pikabungaheun.

" Alhamdulillah... Din maneh kapanggil deui." ceuk Kang Mumuh bari song mikeun surat nu diamplopan nutup keneh ka Jang Udin.

" Ari Akang timana heula, ... si euceu timangkukna neangan " .Jang Udin ngadongengkeun kaayaan Ceu Eha jeung nepikeun amanatna.

Mumuh teu ngajawab, ngadon ngaluarkeun roko dua bungkus tina kantongna.

" Geus tinu hajat sakalian ngayakeun sukuran jeung barudak nu di PHK..."

Mumuh sumanget pisan ngadongengkeun kumaha heroikna para buruh ngarangsek barikade Dalmas Pulisi, tuluy ngarubuhkeun gerbang pabrik, malah hasil ngancam kanu boga pabrik kudu mere putusan harita keneh.

“Hanjakal Ujang teu boga TV nya, lamun lalajo mah apan akang nu diwawancara ... ngahaja mere komentar nu seukeut pisan keur pamarentah...” Mumuh katempo reueus pisan.

Rengse ngadongeng, sakumaha biasa Mumuh mamatahan Jang Udin supaya ulah aral subaha, Mumuh peuting eta jadi katingali leuwih sabar jeung tawekal, rada aneh sabenerna mah jalma nu tadina borongongong, jauh ka bedug dak dumadak jadi soleh, mugia wae bakal salilana kieu, atawa saukur ngabangbalerkeun kasusah.

Jang Udin jadi inget caritaan pamajikan Kang Mumuh. Ceu Eha mimiti kesel ku kalakuan Kang Mumuh mun dipenta resiko dapur nu kalahka ceramah jiga mubaleg wae tapi teu bisa neangan duit tuluy manehna seuri leutik. Mumuh jiga nu terus rasa pok manehna nyarita tandes pisan “ Dina kaayaan kumaha wae omat urang mah kudu sabar tur tawekal, ulah nyonto pamajikan akang dibere ripuh saeutik oge tuluy wae ngarasula, salah akang eta teh baheulana diwowoy teuing ...”. Mumuh narik napas jero tuluy nyarita deui jiga nu neuteuli “ Tah kitu ari jalma teu ngarti elmu hirup mah, teu sadar sagala teh ibarat ngimpi, susah senang teh ngan sakeudeung –sakeudeung, dikirana bisa kitu salilana senang ... “ Udin jadi teu genah rasa tuluy manehna ngabangbalerkeun Mumuh.

“ Ari ceuk akang kumaha atuh carana sangkan urang reugreug ngalakonan kahirupan”

“ Inget Jang, hirup di dunya teh sakumaha dawuhan jungjunan urang, ngan saukur sakeclak cai nu ragrag tina ramo, hirup sajatina mah engke sanggeus meuntas sakaratul maot, saluas sagara, teu kaitung teu kaukur... tah eta babandingan waktuna, matak hirup ayeuna mah teu kudu dipikahariwang sing reugreug wae najan susah oge da ngan ukur sakeudeung, sakedapan ... anggursi lobaan ibadah keur bekel jaga di alam itu nu euweuh tungtungna. ”

Jang Udin beuki helok, teu nyangka Kang Mumuh pikirannana jero kitu, Kang Mumuh beuki sumanget ngawangkongna, teu karasa kopi geus beak dua gelas ditumbu ku ciherang haneut.

“ Anapon eta masalah rejeki geus aya kulakna, Gusti Alloh mah ngarijkian ka sakur mahlukna ti borojol nepi ka ajalna “, Kang Mumuh ngayakinkeun.

Sapeuting eta mah kanyat nepi ka janari, lir nu keur ngabedahkeun elmu, Kang Mumuh teu eureun mamatahan Jang Udin, noroweco, ngalakonkeun kumaha kuduna ari hirup, rusiah hirup para jalma nu meunang rido gusti , ayat Qur’an mah jeung Hadis mah geus teu kaitung, can nu diwiridkeun .

“ Mondok didieu Kang ... “ Ceuk Jang Udin mimiti ngerelek heuay, panon mimiti cepel, Mumuh surti Jang Udin geus rada bosen ngadengekeun ceramahna.

“ Moal Din ... aeh hampuranya kajongjonan ngawangkong teh ... akang rek mulang wae, inget Din hirup mah ibarat ngimpi, tah nu maraot teh ibarat nu harudang tina alam pangimpian.”. Jang Udin ngadon nyerengeh, rumasa teu nepi kadinya pikiranna mah.

Teu kungsi lila Kang Mumuh ninggalkeun imah Jang Udin, leumpang teunangan dipirigku hawar-hawarna sora adan awal nu ngalanglaung ti jauhna.

Bagja, bagja pisan pikir Jang Udin, jalma jiga Kang Mumuh geus timu elmuna hirup, sagala rupa lir euweuh nu dipikahariwang, estuning lempeng, teu jiga manehna jeung Pa Sugih kakara diancam PHK oge asa geus runtuh dunya teh . Manehna oge ngarasa reugreug asa boga batur pakumaha, bisa dipenta bongbolongan lamun aya karerepet.

Jang Udin ngagoledag mapageun ngimpi, hatena keur ngararasakeun kabungah dumeh isuk bakal boga cabak gawe deui, gede wawanen deui nyanghareupan pimitohaeun, breh kabogoh nu keur imut ngadago dilamar.

* * *

Subuh keneh, Jang Udin ngorejat, tibuburanjat hudang, bari lanjung muru panto nu digedoran kutatanggana.

“ Jang Udin .... hudang Jang Udin, ... itu Kang Mumuh maot katabrak kareta .”

Tatanggana jul-jol kaimahna bari mawa beja matak kaweur. Jang Udin jiga budak teunggar kalongan, pikirna deuk kamana atuh Kang Mumuh nepi ka los-los muru rel kareta . “Lain katabrak, ceuk tukang surabi mah nabrakkeun maneh, nyaho kareta deuk liwat, manehna ngadon sholat ditengah rel ... ”

Jang Udin lir nu kabur pangacian, ngudupruk deukeut lawang panto, teu ngahaja panonna manco kana surat nu ngagoler na samak urut diuk Kang Mumuh, ragamang dicokot, surat keur Kang Mumuh ti pabrik nu eusina jentre yen Kang Mumuh di PHK

* * *

Panon poe kakara meletek ti beh wetan, Jang Udin ngaleut jeung tatanggana niat mulasara layon Kang Mumuh, gerentesna najan ceuk Kang Mumuh hirup lir ibarat ngimpi hirup ngan sakedapan jeung lamun keur susah loba jalma nu barosen ngambah kahirupan, manehna banget embung ari kudu mungkas ngimpina jiga Kang Mumuh, peunggas harepan tina kanyaah gusti, pangpangna lebar loba keneh kanikmatan dunya nu can kaasaan ku manehna najan eta kanikmatan ngan saukur ngimpi, teu lana.

Cileunyi, 2007

Tidak ada komentar:

Posting Komentar